Si Kabayan Moro Uncal
Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro uncal. 
Urang  kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana  cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég  geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo  batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah  ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog,  manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék  moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon,  ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah  kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si  Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu  matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé  manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku  sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si  kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti  handap. Ari diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal  ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé  ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa  ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si  Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu  lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu  antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada  ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar  gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si  Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal  mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus  deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé  tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé  tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
 
 

 
 Postingan
Postingan
 
 
 
 
 
 
.gif) 
 
 
0 Response to "Si Kabayan Moro Uncal"
Posting Komentar